Jumat, 17 Oktober 2014

NINING MEIDA - KANGEN NU KAPUNGKUR

duh kangen ka diri anjeun
nu kapungkur nu pinuh cinta
ayeuna mah ning mani benten
jiga batur nu taya rasa

mana mana rasa cinta nu baheula
mana mana rasa sayang nu ngagemplang
ngapung ngapung kamana
beuki jauh ilang katutup mega

bulan ka bulan sapanjang duaan
hirup asa sorangan
hate nunggeulis asa nalangsa
sararedih kaleungitan cinta
bulan ka bulan peuting kaliwatan
lebeng taya babasaan
sirna rasa kangen kangenan
moal kabual ku lintang harta

kanikmatan hirup di dunya
hambar lamun taya rasa cinta
anjeun ilang rasa
jadi manah saha anu nimuna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar