Rabu, 17 Oktober 2012

ASEP DARSO - LAYUNG BEUREUM


Layung beureum luhur gunung
Mukakeun rasa tunggara..

Layung beureum narembongan
Kananga ge ngarang-rangan
Panutan nu kungsi nyarengan
Ayeuna tinggal lamunan

Kiwari tinggal waasna
Ngupahan palidna rasa
Kabagjaan nu kungsi kasorang
Ayeuna tinggal tunggara

Cinta cinta urang
Ayeuna tinggal lamunan
Duriat duriat urang
Ayeuna ukur waasna

Bagja bagja urang
Ayeuna tinggal impian
Deudeuh deudeuh keur urang
Ayeuna tinggal kalangkang

DARSO - SANCANG CIJULANG


Pungkal péngkol jalanna
Iuh jeung linduh tangkalna
Ngaroyom dahan daun na
Mapaésan alam endah
Harita datang kadinya
Teu sangka geuning teu sangka
Bakal tepang jeung nu lenjang
Sagagang kembang impian

Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkéwang
Nyungsi arék nitip diri
Rék neundeun rasa kadeudeuh
Ka kembang nu hégar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arek neumbragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta

Antara sancang cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara sancang cijulang
Aya teuteup anu minuhan kadeudeuh

Antara sancang cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara sancang cijulang
Aya cinta langgeng salawasna

DARSO - SAKUR NGIMPI


Saprak anjeun ngaléos
Ngabeubeutkeun duriat 
Hirup asa nunggeulis
Haté mararingis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajét cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku émutan

Sagala kabawa anjeun
Saparo nyawa milu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyésa teuing kamana

Létah teu mirasa sagala karasa pait
Saré gulang guling peureum

Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayang mah waktu téh mulang deui 
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngaahelas kaleungitan
Ngoréjat seseblakan
Lieuk euweuh-lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan patanya
Dimana anjeun...

Létah teu mirasa sagala karasa pait
Saré gulang guling peureum

DARSO - HALANGAN DIRI

Na kunaon.. Sagala rupa
Ngan aral, gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan, lumpat ngajauhan
Naha.. Naha kunaon

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh gusti.. Aduh gusti
Kumaha.. Ngénténgkeunana
Aduh gusti..aduh gusti
Kumaha ngabébaskeunna

Panon cireumbay
Mapay-mapay pipi
Rag-ragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Haté anu meurih
Haté nu ngajerit
Kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter
Ngedalkeun rasa jiwa
Ampun-ampun duh gusti

DARSO - DULANG KURING 2


Janjina mah ngan saminggu
Bulan-bulan lewat waktu
Melar-melar saban waktu
Meleg-meleg kuring katipu

Pa polisi pa lebe kuring tulungan
Dulang kuring dikeukeuweuk
Teu dipulangkeun... Waduuuh

Geura uih ka bumi
Akang kangen meni deudeupeun
Rasa cinta rasa sayang rek ditamplokeun
Geura uih deui neng
Akang teu tahan geregetan
Ngabayangkeun bulan kadua... Saaaay
Duh eneng, sing karunya ka akang
Duh eneng, cinta akang cinta mati

Papaitan sakur nyelang
Tapi gening kalah manjang
Kaantengan kangeunahan
Ari kuring kuring kekelepekan

Pa polisi pa lebe kuring tulungan
Geuring hate paranas tiris
Saking timburuan

Ala la la lah.. Dulang kuring dikukut batur
Dulang kuring direbut batur
Unggal peuting kuring ngalindur
Nahan napsu ngagedur-gedur


DARSO - CAMPAKA BODAS

campaka bodas wangi nyambuang
tanda cinta kuring jeung anjeun
endah.. mapaesan ditaman ati

campaka bodas nu mawa bagja
kembaran rasa kuring jeung anjeun
endah.. teu aya bandingannana

najan loba kembang anu lian
tapi hiji anu nyongcolang
nu endah ngahias rasa
nu mekar di taman ati
ngan anjeun kembang pujaan

campaka bodas saksi sajati
kembang asih katresna urang duaan
campaka bodas moal rek laas
pasti langgeng abadi nepi ka jaga
najan aya anu lian
ngan hiji nu dipicangcam
loba anu ngarangrangan
kembang pujaan

najan aya anu lian
ngan hiji nu dipicangcam
loba anu ngarangrangan
kembang pujaan


DARSO - BULAN DI CANGKUANG

Iraha.. urang rék kawas waktu ka tukang
Mapay-mapay riak kabagjaan
rarakitan di situ cangkuang

caang bulan.. katutup mega milu nyaksian
dua rasa nu meungkeut kahéman
moal badé pipisahan

tangkal camara marindingan
angin peuting ngaleprokan
dunya asa nu urang duaan
naha ayeuna bet pipisahan

caang bulan di situ cangkuang
kiwari teu weléh narémbongan
carita éndah urang duaan
omat diukir dina lamunan

caang bulan di situ cangkuang
dina rasa teu weléh ngalangkang
najan urang pipisahan
haté mah silih anjangan

DARSO - CURUG CANDUNG


Lalakon urang waktu tepung nu munggaran
Jajantung tepung jajantung
Silih pandang dina rasa
Tilep soca nu harita
Anu ligar rasa cinta..duh bagja

Imut disambut ku imut
Karasa mekarna cinta
Ligar di jero dada
Tembang-tembang cinta anu kacida seungitna
Moal ilang salawasna

Di curug candung
Urang patepung
Di curug candung
Urang kedal jangji
Sehidup semati
Moal tunduk pukah deui
Laksana cita-citana
Bagja dugi ka ayeuna

Di curug candung
Katingal sariak layung
Di curug candung
Pada-pada moal pundung
Kareueus kadeudeuh
Urang beungkeut masing pageuh
Dahan katresna langgeng salawasna

Selasa, 09 Oktober 2012

NINING MEIDA - POTRET MANEHNA

Potrét manéhna
Nu ka tampa minggu kamari
Dipiguraan disimpen dihadé-hadé

Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpé
Aduh éndahna mapaésan taman haté

Potrét manéhna 2x
Di tilik di sidik-sidik di teuteup di bolak-balik
Kumanis baé

Potrét manéhna 2x
Socana imutna teuteupna sagalana
Ngankeur kuring baé

Potrét manéhna wawakil jirim jinisna
Tanda satia ngarah kangen salilana

Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang langka tepung
Potrét anu digugulung
Potrét manéhna

SAGULING


Kidul kulon tatar Bandung
Saguling ngemplang ngabendung
Ngabendung ngabénténg tineung
Katineung maturan ngangkang

Pasir lembur pasawahan
Ilang tapak ti leleuran
Nu éndah tempat gumetah
Kalebuh cai nu malan (Umpalan)

Saguling talaga mangsa
Saguling mandala rasa
Citarum manjing muara
Carita ayeuna jaga

Péngkolan mapaés jalan
Gupayna tanah kayangan
Meuntas lembur lalayaran
Puseur éndah pangjugjugan

Saguling lain talaga sapasi
Lain dongéng Sangkuriang
Saguling ciciren di lembuk kuring
Gumilang Sunda tatandang

HETTY KOES ENDANG - CINTA

Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repog jodo ahirna datang sorangan
         Aduh-aduh cinta 2x
Cinta manjangkeun carita
Aduh-aduh cinta 2x

Cinta lir ibarat nu geulis
Gerah indah sinawur séwu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Sologoto kapakan diancam putus
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta perlu pengorbanan
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta perlu kasadaran
Cinta datang na teu kaharti
Mika asih ngan ukur ambon sorangan
Cinta datangna teu kaharti
Gandrung liwung mikangen nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
         Aduh-aduh cinta 2x
Cinta mangkak ligar éndah
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta kembangna kanyaah
Cinta mindeng jadi mamala
Mika asih ngan ukur ambong sorangan
Cinta matak gering matak begang
Dipikiran tatamba hésé ubarna
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta perlu ka imanan
Aduh-aduh cinta 2x
Cinta ulah jadi kaulinan

HETTY KOES ENDANG - JALAN BRAGA


Jalan Braga jalan intelék
Tidak boléh masuk kéréték
Béca roda bémo honda
Jalanna muter ter datang ti kalér
Har kaburu lieur

Jalan Braga mobil plat beureum
Perhiasan emasna reunceum
Tahan harga jaga géngsi
Meuli tarasi duh kukurilingan
Har teu beubeunangan

Jalan Braga tempat soping jalma gedé
Soal harga itu mah soal sepélé
Tongtonan nu gratis pamér modeu
Nu gareulis dulakdelék ucad aced
Nu nejokeun panas tiris

Jalan Braga tetep teu robah
Teu galideur tahan sajarah
Gunta ganti henteu niru cara nu séjén
Tuh jalan nu patén héy jalan konsékwén

Jalan Braga heurin kagigir
Satengahna béak ku parkir
Barang macét lalulintas hésé rék mundur
Duh barang nu ngatur
Keun wayahna sabar

Jalan Braga jadi jalan kelas hiji
Jadi catur pangimpian urang sisi
Pusat perdagangan
Uratna di kota kembang
Pageuh kuat jalan Braga
Ngarojong ka balaréa

NINING MEIDA - TISAPRAK

Ti saprak, ngawitan tepang
Haté, jadi hariwang
Ingis, anjeun teu ngarti
Da abdi mah, ngawanti-wanti

Harepan, tinggal lamunan
Anteng, dina impian
Anjeun, panutan abdi
Pasini, mikait ati

Kumaha atuh kumaha
Teu wasa abdi balaka
Sok ingis dipulang basa
Tunggara salalawasna

Harepan, tinggal lamunan
Anteng, dina impian
Anjeun, panutan abdi
Pasini, mikait ati

PRAS PRIS


Pras pris hujan soré
Rus ras inget baé
Dag dig dug ratug haté
Ah... Sok aya-aya baé
Pras pris hujan soré
Ingis heunteu sumping
Panutan buah haté
Ah... Piraku jalir janji
Kapan cenah kanyaah moal kahalang ku hujan
Kapan cenah mi asih moal kahalang nu lian
Kapan cenah mi héman tumerus ka lelembutan
Kapan cenah mi cinta lahir tumakaning batin
Pras pris hujan soré
Rus ras inget baé
Degdegan seseblakan
Ah... Teu puguh rarasaan
Pras pris enjing enjing
Haté jadi melang
Longkewang haté manteng
Ah... Kunaon jadi bingbang
Pras pris tengah dinten
Ngumbar pangalaman
Sawangan panineungan
Ah... Jadi emut sorangan
Naha enya asmara gumulung sajuta rasa
Naha enya emutan di tanggungrasa cangcaya
Naha enya katresna pinuh liku romantika
Naha enya satia bakal jadi pangancikan
Pras pris rasa kalbu
Inggis jadi lagu
Haturan mangsa simpé
Ah... Cing surti nu nampina

Senin, 08 Oktober 2012

DALINGDING ASIH

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang galeuh lamunan
Galindeng tembang tilam kamelang

Basa kuring arék miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung pataréma gandrung
Geter rasa cumarita
Duh kudu pa anggang

Dalingding asih jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di péngkolan pareng pisah
Rét ka tukang sumoréang duh…

Dalingding ngageri diri
Sorana kantun haréwos
Hawar hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh témbong deui gupay deui

BUNGSU BANDUNG - TALAK TILU


Mana nyeri nyeri nyeri teuing
Perih ati di tambélarkeun
Henteu beunang ku disabaran
Alah ieung ku harianeun

Isuk-isuk ngurunyung geus subuh
Purah tunggu ukakeun tulak
Bati peurih kuring sorangan
Alah ieung téga téh teuing

Nyeuri nyeri nyeuri
Moal beunang di ubaran
Kajeun tutumpuran
Paéh gé teu panasaran
Meungpeung ngora kénéh
Meungpeung urang can batian
Pék gera serahkeun
Talak tilu sakalian

Henteu butuh lalaki curaling
Boga rasa sok ieu aing
Ku teu robah teu éling-éling
Alah ieung téga téh teuing

Bubuka

Assalamualaikum wr.wb

Neda widi ti sadayana, sim kuring badé nyobian nyayogikeun rumpaka (lirik) tembang-tembang sunda. Pami aya nu naros téa mah "nanaonan kang nyieun blog téh mani rumpaka, geus loba nu séjén ge nu nyieun téh?!", da karaos ku sim kuring geningan milari lirik sunda téh rada sesah. Ari saur pun biang mah, "da gampil atuh jang hayang apal lagu sunda mah, sing mineng dangukeun wé sing sering, sanggemna teh". Tapi da ari jalmi ayeuna téa sok hoyong instan pami ngupingkeun tembang téh.

Ku kituna, sim kuring nyobi nyayogikeun heula sakatiasana. Didieu ogé sim kuring teu sadayana kénging ngupingkeun nyalira, aya ogé anu kénging nyutat ti blog tatanggi, ieu mah étang-étang janten tambihan bilih dinu sanés teu aya. Da di sim kuring ogé masih kénéh kirang lengkep. Tapi, insya allah ieu blog bade teras di update.

Sakitu waé heula bubuka na mah, da ari panjang teuing mah bosen maca na ogé. Hapunten anu diteda kirang sareng langkung na, hapunten bilih aya saur anu kirang merenah.

Mangga linggih kapalih dieu anu peryogi kana lirik tembang-tembang sunda.

Cag Ah..!!!