Selasa, 01 Agustus 2023

Rahwana Gandrung - Yus Wiradiredja

Banondari
Bojo akang anu geulis
Taya tanding kageulisan anu lian
Bumi tangtu asa génjlong
Mun anjeun ninggalkeun akang
Duuuh....
Akang henteu ridho
Mun anjeun direbut deungeun

Aduh akang
Gagah sakti mandraguna
Taya tanding digjaya saamparan jagat
Tara-tara tisasari akang lir kapukul bayu
Duuuh....
Abdi asa ringrang horéng kapentrang katresnan

Banondari
Deudeuh akang geugeut
Ieu haté asa hésé dipapalér
Jung nangtung asa lalanjung
Gék diuk teu puguh tangtung
Gandrung.... teu suwung suwung
Duh kapalang sanajan meuntas lautan
Sok sanajan kudu ngajleng kélang jagat
Dibandingkeun beuratna cinta ka anjeun
Jungjunan nu dipimelang

Jungjunan deudeuh panutan
Sing percanten abdi hamo luncat mulang
Abdi mah bade satia
Panutan nu dipiasih
Hamo..... rek udar subaya
Duh panutan abdi mah seja ngiringan
Ka salira panutan siang jeung wengi
Duh panutan abdi mah seja satuhu
Jungjunan nu dipiasih

Senin, 31 Juli 2023

Ngalagena - Nining Meida

Tamper mamanis
dina geter asih urang
ngamuara dina rasa
nguningakeun simpay tresna

Tamper kahéman
Dina sari cinta urang
Jadi galeuh pangharepan
Naratas jalan kabagjaan

Aya sora sawirahma
Dina lagu nu sarua
Aya cinta ngalagena
Dina kalbu mangkat bagja

Linduh bulan di buruan
Jangji asih na rangkulan
Pada surti dina ati
Nu tuhu mupusti pasini

Simpay asih nu duaan
Tetep hiji rek satia
Moal bimbang ku hahalang
Ajeg tungtung satujuan

Itu purun ieu mangga
Hate pada padasuka
Ngalagena... Ngalagena

Sabeulah Panon - Rita Tila

 Lah…

Naha salira kebat ngantunkeun
Dak dumedak, nya piasih aya... naon...
Na teu emut disampelan pasir eta
Harita...
Caricangkas simeut meumeut
Ninggal urang nu sidengdang
Na... mega katresna...

Duh..
Naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha
Waktos gulang gaper tresna
Sawengi... eta...
Naha sabeulah panon bet lepat sangki..
Tega nyangki... salin jinis
Mindah rasa…

Ninggal kapinis meulah langit
Miris... nyeuseuit...
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh.. kembang lahunan

Sok sanaos beurat da memang tos gurat
Hate.. mah tetep kabengbat
Sumirat ge angkat,ninggal urang papegat
Lah.. lah..

Duh..

Naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha
Waktos gulang gaper tresna
Sawengi.. eta..
Naha sabeulah panon bet lepat sangki..
Tega nyangki.. salin jinis
Mindah rasa…

Ninggal kapinis meulah langit
Miris.. nyeuseuit..
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh.. kembang lakonan

Sok sanaos beurat da memang tos gurat
Hate.. mah tetep kabengbat
Sumirat diangkat,ninggal urang papegat
Lah.. lah..