Minggu, 08 November 2015

Imut Malati

Imut Malati...
Wengi Tadi Geuningan  Patepang Deui
Nu
kapiati...
Ti Kapungkur Jungjunan Dianti-anti

Ti Gunung Putri
...
Sareng Saha Salira Lungsur Ka Landeuh
Lagu Kamari
...
Ngagalindeng Lalakon Gending Kadeudeuh

Najan Sakedap
Jorelat Tunjung Balebat
Estu
mo Hilap Karaos Matak Tibeleat
Ku Henteu Terang Mulihna
Ku Henteu Terang Mulihna

Eeeeeh... Naha Iraha

Najan Mung Imut Saulas Sakilat
Ilang
Tansah Kaiurut
Hanjakal Teu Sering Tepang
Ku Henteu Terang Leosna
Ku Hentue Terang Leosna
Ehhhhh...
Geuning Kamana

Erna Arsyila - Gapura CInta

Dina Gapura Cinta Anjeun Datang
Datang Nembongan
Mawa Panghareupan
Mekarkeun Kembang Katresnan

Dina Jandela Rasa Abdi Pasrah Dirangkul Asmara
Teu Daya Nampik Kaasih
Nu Meulit Jeroning Ati

Munggaran Kenal Ku Teu Pira
Tepang Na Uleman
Waktos Harita Rerencangan
Pesta Pangantenan
Dina Gapura Nya Didinya
Janten Panineungan
Salira Neuteup Semu Geugeut
Imut Bangun Ngaheureuyan

Gapura Cinta Jalan Nu Munggaran
Medalna Asmara
Gapura Cinta Lawangna Kaheman
Pantona Katresnan
Gapura Cinta Dipapaes Kembang
Kembang Pangharepan
Gapura Cinta
Weweg Ajeg Pangceg Lir Asih Urang Duaan

Doel S - BU Kate

Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Meuli Merci Panganyarna Nu Hargana..
Anjing Edan...
Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Kuriak Imah Tohaga Nu Beakna
Anjing Edan...
Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Make Barang Barang Mahal Nu Merk Na
Anjing Edan...

Bu Kate Kunaon Bet Hese Sare
Hareudangeun Hawa Tina Panas Hate
Bu Kate Tetela Henteu Tahan Mental
Hayang Boga Hanjakal Henteu Kahontal

Bu Kate Jadi Sirik Lamun Anjing Mah Ngagaik
Boro-Boro Milu Bungah
Babaturan Oge Difitnah

Majar Teh Ibu Eta Mah Bisa Meuli Mobil Sok Pedah Dikukut Ku Pajabat
Majar Teh Ibu Eta Mah Bisa Kuriak Imah Teh Da Panggilan Konglomerat
Majar Teh Ibu Eta Mah Barang Serba Merk Soteh Ngalana Bari Maksiat
Pantesan Ngarana Kate Pikir Pondok Mental Lembek Beke Siga Hayam Kate

Doel Sumbang - Gunung Bromo

Kungsi Urang Duaan
Sabelas Rabiul Awal
Mapay Tangkal Kabagjaan
Gunung Bromo
Tengah Jawa...

Emut Keur Urang Duaan
Calik Dina Iuh Pinus
Sempal Guyon Cumarita
Ngabedah Rasa Katresna

Ngumbar Kasono
Ngumbar Kadeudeuh
Ngumbar Kanyaah Urang Duaan

Lenglang-lenglang Langitna
Bodas-bodas Megana
Buleud-buleud Bulanna
Kucap Kiceup Bentangna
Marakbak Hejona Gunung Bromo
Tengah Jawa....

Silaturahmi

Silaturahmi Kaasup Habluminannas
Kanyaah Terus Nganteng
Moal Rek Laas Ku Lawas

Silaturahmi Hubungan Insan Jeung Insan
Jadi Cukang Lantaran
Rasa Duduluran Manjang

Silaturahmi Wajib Pikeun Umat Islam
Omat Geura Raketkeun
Omat Ulah Dijauhan

Silaturahmi Manjangkeun Tali Mimitran
Meungkeut Kadeudeuh
Ngajauhan Pacengkadan

Ramo Patarema...
Jembar Pangampura
Muka Lawang Bagja Muka Lawang Sorga
Hate Nu Beresih...
Pinuh Kayakinan
Muka Lawang Bagja Muka Lawang Rijki

Rika Rafika - Mupus Lalakon

Teu Kedah Nunda Talatah
Komo Jeung Bari Nyeratan
Patepang Oge Percuma
Diantawis Urang.. Diantawis Urang
Pan Pegat Hubungan

Teu Keudah Ku Ngarepotkeun
Komo Jeung Bari Deudeupeun
Sanaos Pihandeueuleun
Diantawis Urang.. Diantawis Urang
Pada Milih Pilengkaheun

Tos Teu Aya Nanaon
Panceg Kayon Mupus Lalakon
Tos Teu Aya Nanaon
Ilang Sirna Tempat Urang Dongdo

Bihari Waktos Urang Ngahiji
Kamari Kasilih Ku Salah Pilih
Kiwari Malikan Asal Mimiti
Leungit Asih Leungit Jangji Leungit Cinta

Mupus Lalakon...

Rika Rafika - Rujak Cuka

Duh Aduh Akang Sayang
Sok Mangga Geura Cobian
Rujak Cuka Ni’mat Seuhah Lada
Ditanggung Berselera

Daripada Huleng Jentul Luman Lamun
Teu Paruguh Laku
Mening Ngibing Ngarengkenek Goyang Pinggul
Amboy Asoy...

Siang Siang Duh Akang
Segernya Rujak Cuka
Manis Asam Kang
Si Gula Jawa

Rujak Cuka Ini Lagunya
Main Cinta.. Apa-apa Maunya
Mun Leres-leres Cinta
Naon-naon Buktosna
Ulah Ukur Ngabibita

Bari Teu Puguh Jangjina

Rita Tila - Pamadegan

Pikir... Lilir teu Mungkir
Rasa teu Wasa Ilang
Hate Rumasa... Cinta ka Salira
Kedah Kumaha... Nyawalakeunana
Duuhh.. Sesah Mapalerkeunana

Tangtos...Aya Salempang
Da Bongan kedah Tepang
Urang Duaan...Sapanghareupan
Sapilengkahan..Sapasimpangan
Duhh... Urang Sapaguneman

Antawis Urang Duaan.. Sapamadegan
Naratas Jalan Dina Hareupan
Sanaos Kahalangan ku Anggang
Kaasih Duaan mo Ilang-ilang

Rika Rafika - Kanyaah

Lawung,,
Nu Lawung na Wanci Lumayung
Dina Haleung Panungtung
Endahna Katompernakeun
Bongan Patarema Lain Mangsa

Ngangkleung
Ngangkleungan Kalangkang Duaan
Dina Jorelat Impian
Ngalengkah di Watesanan
Bongan Udagan Ukur Implengan

Ti Tanjung ka Bantarharja
Rek Reureuh di Sindang Heula
Mun Tepung Daria Bagja
Teu Enggeuh mun ti Baheula

Ti Tanjung ka Balandongan
Rek Nyimpang ka Bandungsari
Mun Tepung Hate Deg-degan
Kapalang Pakait Ati

Novi - Istri Sunda

Duh Aduh Kéwes Pisan 
Dangdosan Adu Manis jeung Romantis
Tah Éta Istri Sunda
Budi Manis Andalemi

Gandeuang Leumpang Manis... Nu Geulis
Nganggo Sinjang Awak Lenjang
Payus Diteuteup Sieup
Imut Nyirut Ngagelenyu

Da Enya Leres Pisan
Geuningan Istri Sunda Mawa Asri
Lain Ngan Ukur Warta
Tapi Nyata Lain Béja

Kasaksén Ku Sadaya..Nu Geulis
Lungguh Timpuh Komaraan
Geulis Kawanti Wanti
Istri Sunda Boga Ciri

Istri Sunda...
Éndah Narik Kana Ati
Istri Sunda...
Matak Narik Nu Ningali
Istri Sunda...
Basajan Tur Lantip Diri
Istri Sunda...

Ciri Istri Nu Mandiri

DARSO - DAGO PAKAR

Tresna Mekar ieung Di Dago Pakar
Tukeur Paheut Jangji Bakal Sauyunan
Tepung Rempug Jajangtung jeung Jajantung
Awor Jadi Hiji Ngaruntuy Lir Buah Kawung

Ricitna Manuk Jeung Séorna Angin
Meulit Asih Ngahariring
Oyagna Dahan Ngusikkeun Réma Panangan
Silih Cepeng Leumpang Mapay Kaéndahan

Dago Pakar Geus Nganteur Kapanganténan
Dago Pakar Langgeng Nyantél na Ingetan
Ceuk Béja Cenah Ceuk Béja Dago Pakar Ngarekahan
Ceuk Béja Cenah Ceuk Béja Dago Pakar Ganti Ngaran

Kuring Wakca Ngahaja Arék Balaka
Sugan Angin Wasaeun Nepikeun Sora
Pangbéjakeun Ka Guha Nu Basa Éta
Jeung Manéhna Kuring Bagja 
Hirup Ditempat Ngumbara