Senin, 21 Februari 2022

Samoja

Kedalna asih nya bulan pinuh mamanis

Hiji jangji pasini resmining wanci

Mangsa samoja jongjon kembangan

Duh… ieung langit lĂ©nglang

 

Lalakon lawasna bulan pinuh katineung

Aya jangji pasini nu henteu nga jadi

Mangsa samoja ngeus ngarangrangan karembangan

Duh ieung langit angkeub

Samagaha dina ati aduh…

 

Ayeuna kantun waasna jungjunan

Lalakon katukang di teang ngan ku ciptaan

Kamari nu pamit kamari nu pamit

Datang deui na kalangkang

 

Ayeuna kantun ngangresna jungjunan

Lalakon nu pegat di sambung ngan ku ciptaan

Kamari nu pamit kamari nu leungit

Ngeus lebeng mo deui datang