Jumat, 17 Oktober 2014

DARSO - BALÉBAT

Tuh balébat geuning geus katémbong caang
Ngalangkangan carita nu maksa datang
Ieu haté teu beunang disisirikeun
Rék dipelak ku anjeun aduh jungjunan

Kembang asih nu mangkak ligar na ati
Bodas nyacas gambaran harepan suci
Ngan hanjakal cinta kahalangan
Teu narima lamun kudu pepegatan

Teu wasa mun tea kudu papisah
Geus kapalang deudeuh haté geus kapalang du'a
Teu wasa mun kudu ngulasan rasa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna

NINING MEIDA - KANGEN NU KAPUNGKUR

duh kangen ka diri anjeun
nu kapungkur nu pinuh cinta
ayeuna mah ning mani benten
jiga batur nu taya rasa

mana mana rasa cinta nu baheula
mana mana rasa sayang nu ngagemplang
ngapung ngapung kamana
beuki jauh ilang katutup mega

bulan ka bulan sapanjang duaan
hirup asa sorangan
hate nunggeulis asa nalangsa
sararedih kaleungitan cinta
bulan ka bulan peuting kaliwatan
lebeng taya babasaan
sirna rasa kangen kangenan
moal kabual ku lintang harta

kanikmatan hirup di dunya
hambar lamun taya rasa cinta
anjeun ilang rasa
jadi manah saha anu nimuna

ASEP DARSO - MOAL KAGODA

mun inget waktu harita
karasa teu puguh rampa
mun neuteup soca salira
anu beueus kucimata
ayeuna akang balaka
ngedalkeun eusina rasa

akang mah henteu rumasa
mun akang midua cinta
sanajan jarang patepang
akang tetep mikaheman
percaya ka diri akang
akang moal luncat mulang

moal kagoda sanajan loba nu lian
moal kagoda sanajan aya nu lenjang
cinta akang moal gedag kaanginan
cinta akang lain ukur pupulasan

sok sanajan cinta kahalangan jungkrang
tetep pageuh kabeungkeut rasa kaheman
cinta akang moal luntur kaibunan
cinta akang ngan ukur anjeun sorangan


ASMARA - H. Dody Mansyur ft. Rita Tila


mimiti mah taya rasa mikacinta
gening teu di nyana
ngan anjeun sering kaimpenkeun

asmara sono teh taya tungtungna
dina geter angen
ngan anjeun anu kagundamkeun

duh angin nu ngadalingding
pangnepikeun kamelang kuring
duh bentang anu baranang
pangnepiskeun rasa hariwang

ka anjeun tilam hareupan
nu teu weleh di pikamelang

asmara sono teh taya tungtungna
dina geter angen
ngan anjeun anu kagundamkeun

duh angin nu ngadalingding
pangnepikeun kamelang kuring
duh bentang anu baranang
pangnepiskeun rasa hariwang

ka anjeun tilam hareupan
nu teu weleh di pikamelang 2x

Rabu, 15 Oktober 2014

YAYAN JATNIKA - SANCANG

ngalanglangan pakidulan garut
ombak basisir nu ketir dina waktu éta
sayang heulang ka karang gajah
los ka jojontor sancang

cenah ceuk béja baheula aya nagara
sancang pakuan pajajaran katelahna
prabu siliwangi nu jadi rajana
sakti mantra guna

arék diislamkeun anjeunna alim
diudag putrana prabu kian santang
ilang di leuweung éta
tilem di leuweung éta
sancang nu canéom geueuman

EVIE TAMALA - BULAN SAPOTONG


Asa garariung ngadangu jangjina
Anu araramis tina lambeyna
Asa bararosen ngahampura manéhna
Nu resep ngahulang kasalahan

Dimana aya éndahna
Dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna haté taya lirén na

Bulan sapotong kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun haté leupas ti manéhna
Bulan sapotong datangkeun atuh datangkeun
Gaganti cinta anu langkung sagalana
Kembang cinta nu layu
Teu ngarep sirungan deui
Teu nyésa maruragan kabawa angin
Tali cinta nu putus
Teu ngarep rek nyambung deui
Hate tos cape nyabaran na

Ningal hate abdi
Meni bersih ti namina
Kabawa palid ku cipanon

RITA TILA - CEURIK JATIGEDE

najan kudu papisah jeung lembur
najan kudu paturay jeung dulur
lembur nu endah lemah cai pangharepan
robah kasilih ku pangwangunan

darmaraja tempat kaendahan
lembur nu makmur tempat gumetah
cisurat wado mapaes alam nu enda
jadi ciri tempat pangbalikan

duuuh.. di jatigede alam endah pawenangan
lembur kuring paningeungan
duuuh.. di jatigede lembur pangancikan
ngan ukur tinggal lamunan

wayahna urang paturay
korban bingung pangwangunan
kamelang ngalangkang dina lamunan
nu nyawang lembur sorangan

demi pangwangunan
ninggalkeun lembur sorangan

BAH DADENG - PAPATONG

beurang maju ka lohor
papatong nu koneng eunteup na regang
ngageter jangjangna keur ngagupayan
pancen keur wasiatan

sore menggok ka asar
papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong kajongjonan

papatong nu koneng teu tembong deui
leungit indit teu pamit
papatong nu koneng teu tembong deui
tilem bewara baturna

prak reureuh tina kariweuh
prak pasrah kanu kawas
prak reureuh tina kariweuh
prak pasrah kanu kawasa