Jumat, 17 Oktober 2014

ASEP DARSO - MOAL KAGODA

mun inget waktu harita
karasa teu puguh rampa
mun neuteup soca salira
anu beueus kucimata
ayeuna akang balaka
ngedalkeun eusina rasa

akang mah henteu rumasa
mun akang midua cinta
sanajan jarang patepang
akang tetep mikaheman
percaya ka diri akang
akang moal luncat mulang

moal kagoda sanajan loba nu lian
moal kagoda sanajan aya nu lenjang
cinta akang moal gedag kaanginan
cinta akang lain ukur pupulasan

sok sanajan cinta kahalangan jungkrang
tetep pageuh kabeungkeut rasa kaheman
cinta akang moal luntur kaibunan
cinta akang ngan ukur anjeun sorangan


Tidak ada komentar:

Posting Komentar