papatong nu koneng eunteup na regang
ngageter jangjangna keur ngagupayan
pancen keur wasiatan
sore menggok ka asar
papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong kajongjonan
papatong nu koneng teu tembong deui
leungit indit teu pamit
papatong nu koneng teu tembong deui
tilem bewara baturna
prak reureuh tina kariweuh
prak pasrah kanu kawas
prak reureuh tina kariweuh
prak pasrah kanu kawasa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar