Selasa, 01 Agustus 2023

Rahwana Gandrung - Yus Wiradiredja

Banondari
Bojo akang anu geulis
Taya tanding kageulisan anu lian
Bumi tangtu asa génjlong
Mun anjeun ninggalkeun akang
Duuuh....
Akang henteu ridho
Mun anjeun direbut deungeun

Aduh akang
Gagah sakti mandraguna
Taya tanding digjaya saamparan jagat
Tara-tara tisasari akang lir kapukul bayu
Duuuh....
Abdi asa ringrang horéng kapentrang katresnan

Banondari
Deudeuh akang geugeut
Ieu haté asa hésé dipapalér
Jung nangtung asa lalanjung
Gék diuk teu puguh tangtung
Gandrung.... teu suwung suwung
Duh kapalang sanajan meuntas lautan
Sok sanajan kudu ngajleng kélang jagat
Dibandingkeun beuratna cinta ka anjeun
Jungjunan nu dipimelang

Jungjunan deudeuh panutan
Sing percanten abdi hamo luncat mulang
Abdi mah bade satia
Panutan nu dipiasih
Hamo..... rek udar subaya
Duh panutan abdi mah seja ngiringan
Ka salira panutan siang jeung wengi
Duh panutan abdi mah seja satuhu
Jungjunan nu dipiasih