Selasa, 01 Agustus 2023

Rahwana Gandrung - Yus Wiradiredja

Banondari
Bojo akang anu geulis
Taya tanding kageulisan anu lian
Bumi tangtu asa génjlong
Mun anjeun ninggalkeun akang
Duuuh....
Akang henteu ridho
Mun anjeun direbut deungeun

Aduh akang
Gagah sakti mandraguna
Taya tanding digjaya saamparan jagat
Tara-tara tisasari akang lir kapukul bayu
Duuuh....
Abdi asa ringrang horéng kapentrang katresnan

Banondari
Deudeuh akang geugeut
Ieu haté asa hésé dipapalér
Jung nangtung asa lalanjung
Gék diuk teu puguh tangtung
Gandrung.... teu suwung suwung
Duh kapalang sanajan meuntas lautan
Sok sanajan kudu ngajleng kélang jagat
Dibandingkeun beuratna cinta ka anjeun
Jungjunan nu dipimelang

Jungjunan deudeuh panutan
Sing percanten abdi hamo luncat mulang
Abdi mah bade satia
Panutan nu dipiasih
Hamo..... rek udar subaya
Duh panutan abdi mah seja ngiringan
Ka salira panutan siang jeung wengi
Duh panutan abdi mah seja satuhu
Jungjunan nu dipiasih

Senin, 31 Juli 2023

Ngalagena - Nining Meida

Tamper mamanis
dina geter asih urang
ngamuara dina rasa
nguningakeun simpay tresna

Tamper kahéman
Dina sari cinta urang
Jadi galeuh pangharepan
Naratas jalan kabagjaan

Aya sora sawirahma
Dina lagu nu sarua
Aya cinta ngalagena
Dina kalbu mangkat bagja

Linduh bulan di buruan
Jangji asih na rangkulan
Pada surti dina ati
Nu tuhu mupusti pasini

Simpay asih nu duaan
Tetep hiji rek satia
Moal bimbang ku hahalang
Ajeg tungtung satujuan

Itu purun ieu mangga
Hate pada padasuka
Ngalagena... Ngalagena

Sabeulah Panon - Rita Tila

 Lah…

Naha salira kebat ngantunkeun
Dak dumedak, nya piasih aya... naon...
Na teu emut disampelan pasir eta
Harita...
Caricangkas simeut meumeut
Ninggal urang nu sidengdang
Na... mega katresna...

Duh..
Naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha
Waktos gulang gaper tresna
Sawengi... eta...
Naha sabeulah panon bet lepat sangki..
Tega nyangki... salin jinis
Mindah rasa…

Ninggal kapinis meulah langit
Miris... nyeuseuit...
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh.. kembang lahunan

Sok sanaos beurat da memang tos gurat
Hate.. mah tetep kabengbat
Sumirat ge angkat,ninggal urang papegat
Lah.. lah..

Duh..

Naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha
Waktos gulang gaper tresna
Sawengi.. eta..
Naha sabeulah panon bet lepat sangki..
Tega nyangki.. salin jinis
Mindah rasa…

Ninggal kapinis meulah langit
Miris.. nyeuseuit..
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh.. kembang lakonan

Sok sanaos beurat da memang tos gurat
Hate.. mah tetep kabengbat
Sumirat diangkat,ninggal urang papegat
Lah.. lah..

Senin, 21 Februari 2022

Samoja

Kedalna asih nya bulan pinuh mamanis

Hiji jangji pasini resmining wanci

Mangsa samoja jongjon kembangan

Duh… ieung langit lénglang

 

Lalakon lawasna bulan pinuh katineung

Aya jangji pasini nu henteu nga jadi

Mangsa samoja ngeus ngarangrangan karembangan

Duh ieung langit angkeub

Samagaha dina ati aduh…

 

Ayeuna kantun waasna jungjunan

Lalakon katukang di teang ngan ku ciptaan

Kamari nu pamit kamari nu pamit

Datang deui na kalangkang

 

Ayeuna kantun ngangresna jungjunan

Lalakon nu pegat di sambung ngan ku ciptaan

Kamari nu pamit kamari nu leungit

Ngeus lebeng mo deui datang

Minggu, 08 November 2015

Imut Malati

Imut Malati...
Wengi Tadi Geuningan  Patepang Deui
Nu
kapiati...
Ti Kapungkur Jungjunan Dianti-anti

Ti Gunung Putri
...
Sareng Saha Salira Lungsur Ka Landeuh
Lagu Kamari
...
Ngagalindeng Lalakon Gending Kadeudeuh

Najan Sakedap
Jorelat Tunjung Balebat
Estu
mo Hilap Karaos Matak Tibeleat
Ku Henteu Terang Mulihna
Ku Henteu Terang Mulihna

Eeeeeh... Naha Iraha

Najan Mung Imut Saulas Sakilat
Ilang
Tansah Kaiurut
Hanjakal Teu Sering Tepang
Ku Henteu Terang Leosna
Ku Hentue Terang Leosna
Ehhhhh...
Geuning Kamana

Erna Arsyila - Gapura CInta

Dina Gapura Cinta Anjeun Datang
Datang Nembongan
Mawa Panghareupan
Mekarkeun Kembang Katresnan

Dina Jandela Rasa Abdi Pasrah Dirangkul Asmara
Teu Daya Nampik Kaasih
Nu Meulit Jeroning Ati

Munggaran Kenal Ku Teu Pira
Tepang Na Uleman
Waktos Harita Rerencangan
Pesta Pangantenan
Dina Gapura Nya Didinya
Janten Panineungan
Salira Neuteup Semu Geugeut
Imut Bangun Ngaheureuyan

Gapura Cinta Jalan Nu Munggaran
Medalna Asmara
Gapura Cinta Lawangna Kaheman
Pantona Katresnan
Gapura Cinta Dipapaes Kembang
Kembang Pangharepan
Gapura Cinta
Weweg Ajeg Pangceg Lir Asih Urang Duaan

Doel S - BU Kate

Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Meuli Merci Panganyarna Nu Hargana..
Anjing Edan...
Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Kuriak Imah Tohaga Nu Beakna
Anjing Edan...
Bu Kate Hese Sare Ningali Babaturanana
Make Barang Barang Mahal Nu Merk Na
Anjing Edan...

Bu Kate Kunaon Bet Hese Sare
Hareudangeun Hawa Tina Panas Hate
Bu Kate Tetela Henteu Tahan Mental
Hayang Boga Hanjakal Henteu Kahontal

Bu Kate Jadi Sirik Lamun Anjing Mah Ngagaik
Boro-Boro Milu Bungah
Babaturan Oge Difitnah

Majar Teh Ibu Eta Mah Bisa Meuli Mobil Sok Pedah Dikukut Ku Pajabat
Majar Teh Ibu Eta Mah Bisa Kuriak Imah Teh Da Panggilan Konglomerat
Majar Teh Ibu Eta Mah Barang Serba Merk Soteh Ngalana Bari Maksiat
Pantesan Ngarana Kate Pikir Pondok Mental Lembek Beke Siga Hayam Kate