Jumat, 17 Oktober 2014

DARSO - BALÉBAT

Tuh balébat geuning geus katémbong caang
Ngalangkangan carita nu maksa datang
Ieu haté teu beunang disisirikeun
Rék dipelak ku anjeun aduh jungjunan

Kembang asih nu mangkak ligar na ati
Bodas nyacas gambaran harepan suci
Ngan hanjakal cinta kahalangan
Teu narima lamun kudu pepegatan

Teu wasa mun tea kudu papisah
Geus kapalang deudeuh haté geus kapalang du'a
Teu wasa mun kudu ngulasan rasa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar