Kidul
kulon tatar Bandung
Saguling ngemplang ngabendung
Ngabendung ngabénténg tineung
Katineung maturan ngangkang
Pasir lembur pasawahan
Ilang tapak ti leleuran
Nu éndah tempat gumetah
Kalebuh
cai nu malan (Umpalan)
Saguling talaga mangsa
Saguling mandala rasa
Citarum manjing muara
Carita ayeuna jaga
Péngkolan mapaés jalan
Gupayna tanah kayangan
Meuntas
lembur lalayaran
Puseur éndah pangjugjugan
Saguling lain talaga sapasi
Lain dongéng Sangkuriang
Saguling
ciciren di lembuk kuring
Gumilang Sunda tatandang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar