Assalamualaikum wr.wb
Neda widi ti sadayana, sim kuring badé nyobian nyayogikeun rumpaka (lirik) tembang-tembang sunda. Pami aya nu naros téa mah "nanaonan kang nyieun blog téh mani rumpaka, geus loba nu séjén ge nu nyieun téh?!", da karaos ku sim kuring geningan milari lirik sunda téh rada sesah. Ari saur pun biang mah, "da gampil atuh jang hayang apal lagu sunda mah, sing mineng dangukeun wé sing sering, sanggemna teh". Tapi da ari jalmi ayeuna téa sok hoyong instan pami ngupingkeun tembang téh.
Ku kituna, sim kuring nyobi nyayogikeun heula sakatiasana. Didieu ogé sim kuring teu sadayana kénging ngupingkeun nyalira, aya ogé anu kénging nyutat ti blog tatanggi, ieu mah étang-étang janten tambihan bilih dinu sanés teu aya. Da di sim kuring ogé masih kénéh kirang lengkep. Tapi, insya allah ieu blog bade teras di update.
Sakitu waé heula bubuka na mah, da ari panjang teuing mah bosen maca na ogé. Hapunten anu diteda kirang sareng langkung na, hapunten bilih aya saur anu kirang merenah.
Mangga linggih kapalih dieu anu peryogi kana lirik tembang-tembang sunda.
Cag Ah..!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar