Jalan Braga jalan
intelék
Tidak boléh masuk kéréték
Béca roda bémo honda
Jalanna muter ter
datang ti kalér
Har kaburu lieur
Jalan Braga mobil plat
beureum
Perhiasan emasna
reunceum
Tahan harga jaga géngsi
Meuli tarasi duh
kukurilingan
Har teu beubeunangan
Jalan Braga tempat
soping jalma gedé
Soal harga itu mah
soal sepélé
Tongtonan nu gratis
pamér modeu
Nu gareulis dulakdelék ucad aced
Nu nejokeun panas
tiris
Jalan Braga tetep teu
robah
Teu galideur tahan
sajarah
Gunta ganti henteu niru cara nu séjén
Tuh jalan nu patén héy jalan
konsékwén
Jalan Braga heurin
kagigir
Satengahna béak ku parkir
Barang macét lalulintas hésé rék mundur
Duh barang nu ngatur
Keun wayahna sabar
Jalan Braga jadi
jalan kelas hiji
Jadi catur pangimpian
urang sisi
Pusat perdagangan
Uratna di kota kembang
Pageuh kuat jalan Braga
Ngarojong
ka balaréa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar