Rabu, 17 Oktober 2012

DARSO - SAKUR NGIMPI


Saprak anjeun ngaléos
Ngabeubeutkeun duriat 
Hirup asa nunggeulis
Haté mararingis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajét cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku émutan

Sagala kabawa anjeun
Saparo nyawa milu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyésa teuing kamana

Létah teu mirasa sagala karasa pait
Saré gulang guling peureum

Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayang mah waktu téh mulang deui 
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngaahelas kaleungitan
Ngoréjat seseblakan
Lieuk euweuh-lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan patanya
Dimana anjeun...

Létah teu mirasa sagala karasa pait
Saré gulang guling peureum

Tidak ada komentar:

Posting Komentar