Iraha.. urang rék kawas waktu ka tukang
Mapay-mapay riak kabagjaan
rarakitan di situ cangkuang
caang bulan.. katutup mega milu nyaksian
dua rasa nu meungkeut kahéman
moal badé pipisahan
tangkal camara marindingan
angin peuting ngaleprokan
dunya asa nu urang duaan
naha ayeuna bet pipisahan
caang bulan di situ cangkuang
kiwari teu weléh narémbongan
carita éndah urang duaan
omat diukir dina lamunan
caang bulan di situ cangkuang
dina rasa teu weléh ngalangkang
najan urang pipisahan
haté mah silih anjangan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar