Selasa, 09 Oktober 2012

PRAS PRIS


Pras pris hujan soré
Rus ras inget baé
Dag dig dug ratug haté
Ah... Sok aya-aya baé
Pras pris hujan soré
Ingis heunteu sumping
Panutan buah haté
Ah... Piraku jalir janji
Kapan cenah kanyaah moal kahalang ku hujan
Kapan cenah mi asih moal kahalang nu lian
Kapan cenah mi héman tumerus ka lelembutan
Kapan cenah mi cinta lahir tumakaning batin
Pras pris hujan soré
Rus ras inget baé
Degdegan seseblakan
Ah... Teu puguh rarasaan
Pras pris enjing enjing
Haté jadi melang
Longkewang haté manteng
Ah... Kunaon jadi bingbang
Pras pris tengah dinten
Ngumbar pangalaman
Sawangan panineungan
Ah... Jadi emut sorangan
Naha enya asmara gumulung sajuta rasa
Naha enya emutan di tanggungrasa cangcaya
Naha enya katresna pinuh liku romantika
Naha enya satia bakal jadi pangancikan
Pras pris rasa kalbu
Inggis jadi lagu
Haturan mangsa simpé
Ah... Cing surti nu nampina

Tidak ada komentar:

Posting Komentar