Minggu, 08 November 2015

Rika Rafika - Kanyaah

Lawung,,
Nu Lawung na Wanci Lumayung
Dina Haleung Panungtung
Endahna Katompernakeun
Bongan Patarema Lain Mangsa

Ngangkleung
Ngangkleungan Kalangkang Duaan
Dina Jorelat Impian
Ngalengkah di Watesanan
Bongan Udagan Ukur Implengan

Ti Tanjung ka Bantarharja
Rek Reureuh di Sindang Heula
Mun Tepung Daria Bagja
Teu Enggeuh mun ti Baheula

Ti Tanjung ka Balandongan
Rek Nyimpang ka Bandungsari
Mun Tepung Hate Deg-degan
Kapalang Pakait Ati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar