Minggu, 08 November 2015

Erna Arsyila - Gapura CInta

Dina Gapura Cinta Anjeun Datang
Datang Nembongan
Mawa Panghareupan
Mekarkeun Kembang Katresnan

Dina Jandela Rasa Abdi Pasrah Dirangkul Asmara
Teu Daya Nampik Kaasih
Nu Meulit Jeroning Ati

Munggaran Kenal Ku Teu Pira
Tepang Na Uleman
Waktos Harita Rerencangan
Pesta Pangantenan
Dina Gapura Nya Didinya
Janten Panineungan
Salira Neuteup Semu Geugeut
Imut Bangun Ngaheureuyan

Gapura Cinta Jalan Nu Munggaran
Medalna Asmara
Gapura Cinta Lawangna Kaheman
Pantona Katresnan
Gapura Cinta Dipapaes Kembang
Kembang Pangharepan
Gapura Cinta
Weweg Ajeg Pangceg Lir Asih Urang Duaan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar