Minggu, 08 November 2015

DARSO - DAGO PAKAR

Tresna Mekar ieung Di Dago Pakar
Tukeur Paheut Jangji Bakal Sauyunan
Tepung Rempug Jajangtung jeung Jajantung
Awor Jadi Hiji Ngaruntuy Lir Buah Kawung

Ricitna Manuk Jeung Séorna Angin
Meulit Asih Ngahariring
Oyagna Dahan Ngusikkeun Réma Panangan
Silih Cepeng Leumpang Mapay Kaéndahan

Dago Pakar Geus Nganteur Kapanganténan
Dago Pakar Langgeng Nyantél na Ingetan
Ceuk Béja Cenah Ceuk Béja Dago Pakar Ngarekahan
Ceuk Béja Cenah Ceuk Béja Dago Pakar Ganti Ngaran

Kuring Wakca Ngahaja Arék Balaka
Sugan Angin Wasaeun Nepikeun Sora
Pangbéjakeun Ka Guha Nu Basa Éta
Jeung Manéhna Kuring Bagja 
Hirup Ditempat Ngumbara


Tidak ada komentar:

Posting Komentar